Pun !
Geus dipaheutkeun ku nu Ngatur di dituna
Yen kami kudu ngajagangan hiji mandala di Dua mangsa
Yen kami baris nitis deui dina wanci nu dipasinikeun,
Yen kami kudu nyaksian turunna pulung ka Galunggung
Sabada nyaksian turunna pulung ka lebah Ciliwung ratusan taun ka tukang
Subaya mangsa kiwari geus ninggang di ugana
Kiwari kami datang deui marengan nu datang make ngaran Siliwangi
Ngaran kami ngaran bihari,
Kami – ngaran pancen jeung jiwa kami,
Hayang matuh dina sungsum balung aranjeun,
Hayang ngimah dina jiwa aranjeun.
Hayang nitipkeun ngaran kami – Siliwangi ka anak incu kami,
Jeung hayang supaya eta ngaran tetep di jaga saperti nu geus di jalankeun ku kami.
Kami datang deui dina ngaran, pancen jeung jiwa kami kana ngaran, pancen jeung jiwa aranjeun.
Geura tampa ieu kami,
Hei urang Pajajaran anyar.
Saestuna pancen kami, jiwa kami, nyaeta :
NYUNGKEMKEUN ACINING ASIH KALEMAH CAI KU WENING ATI,
NGABAKTI JIWA RAGA KA NAGARA KU BALUNGBANG RASA,
Jeung dimana engke simpay nagara pegat – kandaga lante - kandaga lante harayang ngaraja dewek ,
Geura gunakeun leungeun aranjeun binareng jeujeuhan.
Gupayan ku katresnan, sugan nu ingkar daek eling daek mulang.
Jeung upama panggupay aranjeun teu dicumponan, kami nyaho yen leungeun aranjeun bisa di kuah – kieuhkeun bisa diusapkeun bisa dipeureupkeun !
Pun ! Geura pake ngaran kami – Siliwangi – ku aranjeun, tapi omat ! masing bisa nyubadanannana, Masing bisa ngajagana, masing bisa ngajiwaannana.
Saestuna ngaran kami teh sarua jeung kami pribadi :
Boga suka jeung duka,
Seja jeng usaha.
Tapi inget !
Sing saha anak incu kami numake ngaran kami kalawan maksud nu suci maranehna meunang kapercayaan ti kami :
Sagala dukana baris ditungtungan ku sukana,
Sagala sejana baris di heueuhan ku Sanghiang bener,
Sagala usahana baris ditungtungan ku buahna, buah alaeunnana,
Jeung alaeun anak incuna.
Sabalikna,
Upama aya anak incu kami numake ngaran kami bari teu jeung wiwaha,
Boga seja jeung tekad nu nirca, atawa boga rasa ujub ku kaunggulan,
Kami seja narik kapercayaan kami, sarta upama aya mamala datang,
Tanggungan pribadina di bale balitungan………………………………..
Ngaran kami montong dibabawa,
Ngaran kami montong dikotoran…………………………………………………….
Cag, sakitu wangsit ti kami – Siliwangi-
Geura bral,
Sing panjang natar lalakon kasmaran picaritaeun.